Surat Cinta Nu Katilu, jeung Sajabana

12/01/2024

 

SURAT CINTA NU KATILU
Bu Éma geus asup ka kelas, Kéysa gura-giru muka tasna. Kasampak salambar keretas nilep, gap dicokot. Dibuka handapeun méja. "Kamu kudu apal. Sajauh ti Tasik ka Brebes, tah sajauh kitu cinta Déndi ka kamu téh. Ikan Hiu makan busa, Ailopyu Kéysa!" Kitu eusi suratna.
Kéysa kerung, melong ka tukang, nyéh Déndi seuri. Keretas dibalikeun, bari kucem Kéysa nulis, tuluy dipapaykeun. "Gélo sugan kamu téh Déndi? Susut heula éta lého tah!" balesan Kéysa.
Keur dibaca, Yayan ngarebut éta surat, "Hahahaha, uyuhan manéh mah atuh da, salésma ogé mumul ngubaran." ceuk Yayan tarik pisan.
"Aéh-aéh salésma waé jadi omong, guru geus di hareup, nangtung siah nu duaan!" Bu Éma nyengor. Kéysa nyéréngéh ka Déndi bari ngacungkeun ramo tengah "Puas!" pokna.
"Har kalah saruana geuning, milu nangtung Kéysa!" Bu Éma molotot. Saeusi kelas surak.
"Heup! Sok narangtung kabéh!" Antukna sakabéh murid narangtung.
"Bisaan manéh mah." Yayan ngaharéwos ka Déndi.
 
 
LILIS SETIAWATI ALLIAH
 
Lain Ayu Ting-ting atawa Anya Geraldine, éstuning ngan aya hiji wanoja geulis keureutan kitu. Manéhna. Saban kuring kaluar ti masjid teu weléh malédogkeun imut, najan bari pakupis laladang ogé.
"Pecakan atuh." ceuk Si Taryat. Jiga nu énténg, ngan keur kuring mah lain lalawora ngadeukeutan budak Mama Hadi, ajengan kajojo urang lembur nu mun ceramah téh hirup nu lamokot dosa siga kieu asa kasalametkeun ku perkara nu ditepikeunna.
Hiji poé diulem salametan ku kulawarga Mama Hadi, kasempetan gedé, cekéng. Rada telat datang téh, gék lebah lawang panto.
"Atuh mugia waé ieu pun anak hiji-hijina anu baris ditikahkeun téh aya dina kaséhatan, kasalametan." pok Mama Hadi. Tah ti harita kuring jadi horéam ka masjid téh.
 
 
LAMBARAN KERETAS
 
“Tos lekasan, Aa. Hatur nuhun, Enéng tipayun.” tulisan dina salambar keretas nu mangsina semu luntur jiga nu kabaseuhan. Barang lilir, Satria geura-giru maké deui baju kantorna, tuluy ka luar ti éta hotél. Barang nepi ka imahna, sup ka kamar. Éta keretas diasupkeun kana sorog lomari, patumpuk jeung keretas séjén nu tulisanna teu jauh béda ti kitu.
 
 
PABEUBEURANG AYA BÉNTANG
 
Awakna gumeter. Léngkahna luak-léok. Sisi jalan, gék dina korsi beusi nu karahaan ku waktu. Tanggah. "Aya béntang." Neureuy ciduh. Cipanonna murubut teu kaampeuh. Téng! Cirén tengah poé béja ti sora bél garéja.
"Jungjunan, kumaha hawa di sawarga poé ayeuna? Naha ngelekeb jiga haté Akang? Ceuk anjeun kudu mampu jembar narima papastén. Akang can mampu." Sakitu waktu mawa sakitu ingetan. Harita, saban poé Minggu nganteur nu ibadah ka ieu garéja. Garéja ieu ogé tempat munggaran tepung téh. Kiwari, béntang mata geus ngancik di sawarga.
"Aya béntang" dareuda. Béntang ngiceupan, hujan tamplok ti langit kakangen.
 
 
SLIDE MANGSA KALARUNG
 
Dina bangbarung, Dalimi nyoréangkeun pelong ka jauhna lénglang pasir nu kasimbutan simpé. Ngan sora nu nguniangkeun kanyeri urang lembur, masih dumalinding sajeroeun atina. Jadi aweuhan. Tengahing pelong, kagambar kénéh, handapeun dapuran awi nu ayeuna ngan kari akarna, seuneu mimiti hurung téh. Kocéak dengék indung bapana nu dicangreud. Seneu ngaléntab awakna. Enya, kajadian tujuh taun ka tukang, basa lemburna didatangan aparat tuluy diduruk. Nu majar urang lembur ngagem aliran kominis. Sapoé saméméh éta kajadian, urang lembur ngalaksanakeun rajaban malah bari jeung meuncit sapi sagala.
 
 
BIODATA PENULIS
Cevi Whiesa Manunggaling Hurip lahir dan tinggal di Kota Tasikmalaya. Menulis dalam bahasa Indonesia dan Sunda. Sehari-hari mengajar kesenian dan bekerja di LPPL Dishubkominfo Kabupaten Tasikmalaya.