Buta Linglung

SKU: P00672 | Stok: 1
Rp 123,-

Deskripsi Singkat

Judul: Buta Linglung
Penulis: Néna Cunara
Buku: 167 halaman | 14 x 20,5 cm
Tahun: 2025

Ngimeutan carpon-carpon dina ieu antologi, témbong pisan pangarang tapis dina ngolah plot, téma, jeung gaya basa. Pangarang beunghar ku rupa-rupa téma: aya téma (kahirupan) sapopoé, kriminalitas, kritik sosial, hukum, éksisténsi, tepi ka mistik, budaya, jeung seni tradisional.
Lebah tutur carita, aya variasi dina dialék jeung gaya ungkara, nyumponan rasa basa anu béda-béda. Dina sawatara carponna anu séting/latarna di Jawa, pangarang tapis ngagunakeun basa Jawa dina paguneman tokoh-tokohna, karasa pisan sanyawa, lain saukur tapelan atawa ornamén. Kaharti, da apanan ieu pangarang kalahiran Ciwidéy téh geus kawilang lila mukim di Yogyakarta, bari milu icikibung dina komunitas seni jeung sastra Jawa.
Bisa dicindekkeun, carpon-carpon dina kumpulan Buta Linglung téh henteu sawates midangkeun carita, tapi ogé ngawangun jagat sastra Sunda anu beunghar,
variatif, turta éndah.

—Rosyid É. Abby
Sastrawan, Jurnalis, Redaktur Sastra & Budaya, Sutradara Téater


*Untuk harga member/reseller silahkan login sebelum transaksi
* Pembelian minimal adalah 1 untuk produk ini

Fast Respon, HP :
+62 82127424881

Rekomendasi